Wilujeng Sumping di Lur89.com

Wilujeng sumping, para dulur '89.
Upami salira anggota angkatan 1989 (lulus di taun éta) SMPN 1 Ciamis, danget ieu salira lebet kana website urang sadaya. Dina ieu situs, anu diwangun 'ti urang, ku urang, keur urang', hayu urang raketkeun deui babarayaan ogé duduluran, sok sanaos urang langki pendak atanapi patepung lawung paamprok jonghok sacara langsung.
Urang ayeuna mah parantos kawengku ku tempat linggih (domisili), ogé tanggel walerna séwang-séwangan, nya. Teu laluasa ngempel sapertos jaman nuju sakola. Tapi, sok sanaos kitu, ari sosobatan mah urang lajengkeun, duduluran mah urang pusti-pusti. Lur89 mugia ngahiji sanés waé baheula, tapi ogé ayeuna, ogé salamina.
Mugia tali silaturahmi nganteng di alam dunya ogé dugi ka sawarga jaga. Amiin....
Post a Comment