Catetan Dewi: Reuni Warung Jeruk


Meumpeung isuk keneh ngahaja ka kebon rebun keneh maturan Baping ngala peuteuy jeung bari neang manggu sugan we aya nu asak. Handphone katinggaleun di rorompok... padahal poe ieu the penting pisan rek reuni jeung babaturan SMP 1 Ciamis. Ti samemehna geus saged janjian di facebook rek sosonoan bari tepung ngariung di SMP hiji.

Da teu puguh jam-na janjian teh jadi weh sim kuring jongjon we dikebon ngala peuteuy bari fofotoan jekrek sana jekrek sini… nya teu karasa waktu geus nyerelek beurang... nepi ka rorompok teh enya we geus saratus miss call sigana... hihi... beu... moal boa arambek ieu mah….inget neng Sari we kumaha mun jamedud teh...

HP teh krang kring krang kring sajongjonan mandi oge mandi oray... Halo… halo bari keur dibaju teh OP nelpon bisi rek dijemput ceunah…. euleuh siga sang putri wae mani di jemput... sok we tipayun lah OP bisi bararendu nu tos ngempel... keun wae lah da aya sopir pribadi alias suami rek ngedrop ka masjid Agung.

Asa tipaparetot gagancangan bari mawa peuteuy nu aya dina meja we... da nu karek ngala mah masih keneh dina karung… (asa gengsi oge reuni ngagandong karung mah)... bral miang janjian di Masjid Agung.

Harita Yusk saparakanca geus rapih nepungan guru2 jeung fofotoan sigana di SMP hiji... asa waas ngan hanjakal kabeurangan jadi we teu milu ka SMP hiji... memori daun pisang... heuheuy!

Asa deg degan oge rek papanggih jeung babaturan geus waraas leuwih ti 20 taunna atuh tara panggih. Panasaran we... Nepi ka masjid Agung disambut (geuleuh pisan disambut, maksud teh nepungan) Sari, Risye, Ika, Rita... Kasampak Iponx, OP, Yusk... kamarana nu sanesna atuh... lantaran pemaen telat jadi we teu sempat papanggih jeung nu lainna, Fera, Rani jsb (jeung sajabana maksudna)

Geus sasalaman nu tadina asa asa teh... Alhamdulillah da teu rarobah geuning... masih we carumentil, rame jeung emmmbeer... komo Ika legit mah… pang ramena ditanggap ku urang.

Ika Legit.. ternyata geus jadi juragan sale ti pakuncen!

Sarimaya... si gadis sunsilk berjilbab anggun tapi teuteup teu jaim... jempolan neng sari...

Risye... gitaris kelas D... teuteup anggun manise cantike dibarengan ku si neng geulis putrina

Rita alias Roming,... teu robah si ibu pejabat ieu mah... teuteup rame

Yusk.... tos jadi juragan pin di jogya... teuteup manusia beriman satu ini sanajan rada “gelo” tapi teuteup jaim... kaciri pisan jalmana kreatif! (ulah aya nu protes!)

OP... tah ieu sobat paling deukeut di kelas D, dinyenyeri ku cep Ai.. caritana always ka OP... always there when I need a friend lah... euuuh karunya oge duda satu ini kudu dicariin nu geulis ambeh betah dirumah

Iponx… baheula teh teu pati kenal da teu salevel sigana... heuheuy... hihi... tapi pas paamprok teh pangramena caritana... geus jadi banker nu siap jadi donator deui ceunah... (ponx bisa ngutang ka bank nya..??)

Bral we kabehan neangan tempat makan da sigana geus carapeeun jeung lapar… akhirna nepi ka WARUNG JERUK... and the story about dage begin...

Mangga pang lajengkeun caritana... ieu kagok murangkalih lilir... cag heula..!! Iraha iraha disambung deui...

(Thanks to Dewi, buat kontribusinya... yang lain mangga nyusul!!)

Post a Comment